Kumpulan Puisi Bahasa Sunda

Kumpulan puisi Bahasa Sunda  Dari postingan sebelumnya admin telah posting Dongeng Bahasa Sunda, Nah sekarang admin posting Puisi puisi Sunda. Puisi puisi sunda ini saya ambil dari beberapa sumber dan mudah mudahan bermanfaat bagi pembaca semua,Amin.

Imah
Tina genclang ibun galunggung
Tina genclang cipanon indung
Clik barencing jadi huluwaton kesang
Ngamuara kana ieu wangunan

Baeu bangkeut
Pada datang pada ringkang
Nu sagetih nu sapawit
Nu kamari nu pandeuri
Nu sakangen nu salangeng
Nu saangen angen-angen
Cor ngolontor jadi wahangan silsilah
Ngamuara kana ieu imah

Andum umarum
Amung mugia
Anging Amin

Pituinten,
07.01.1996 M: 23.04.1417 H.
Wahyu Wibisana

AKI JEUNG BALON
Umurna sawelas taun kira-kira
Na tonggongna buntelan ku samping beureum
Kopĕahna buludru belel henteu coplok
Kawas tibra sisi balong ngagoletak
Irungna, biwirna, ramo-ramona jeung dampal sukuna

Geulang karet dina pigeulangan leungeun kenca
Na sukuna aya patlot solobong awi
Deukeut kuciat bukuna pabalatak
Umurna sawelas taun kira-kira
Awakna sehat parangi marahmay
Ngan lebah igana deudeuh
Bajuna rangsak

Taya anu nangenan kahalang daun taleus
Kawas ngimpi sisi balong, deudeuh
Bukuna dibungkusan ku keretas endog beureum
Tanah air kita, kapunyaan Tata kelas lima A
Umurna sawelas taun kira-kira
Kawas tibra sisi balong ngagoletak
Teu kadenge manuk sapu noroweco na regang tangkal harendong
Deukeut kuciat, deudeuh
Buku-bukuna pabalatak

DI IMAH LEUTIK NU MENCIL
Di imah leutik nu mencil
Hirup sorangan
Dibaturan gunung
Dihibur eurih
Sepi nu ngageuing
Seuneu ngěntab peuting
Ngobrol jeung angin
Pahibut jeung abrulan manuk
Nyidik-nyidik batu bangun hanjelu
Nasib, nasib meruhkeun diri
Saendeng-endeng
Sora sapatu nincak kalakay garing
Boa aya nu mawa kisa
Dieusi hasil tataněn
Tapi ngan kalangkangna nu ngaliwat
Ngan angin nu nepakan janděla
Daun nu muguran balas cumalimba
Nyaritakeun musim nu teu pasti
Atawa langit un měh asing
Cai di wahangan kari urutna
Balikkeun kokocoran kana kendi
Urang bedahkeun jajantung
Geusan maseuhan lahan nu anyar
Sorangan

CINTA
Saha eta nu geulis
Rarayna
Lungguhna
Ngaruntagkeun hate nu tunggara
Cahaya bulan ngempray nyaangan hatĕ
Cinta nu repok jadi kanyataan
Jadi carita kuring jeung anjeun
Carita sagala kaĕndahan
Cinta kuring jeung anjeun
Ngalalakon nambahan guligahna kahirupan
Kasono teu suda-suda
Miceun kacangcaya nu salila ieu teu nyampak
Tapi ĕndah nu karasa kaliwat
Hiji januari nu jadi saksi
Teu nyana
Cinta teu lana
Hatĕ perih asa di gerihan
Cinta bet siga sandiwara
Kabungah sirna sakedĕt nĕtra
Taya tapak kungsi aya katresna
Kumaha bakalna ieu hatĕ
Ngageri asa dibobodo
Cinta ukur sandiwara
Pegat hatĕ asa dilejokeun

0 Response to "Kumpulan Puisi Bahasa Sunda"

Posting Komentar