Kumpulan Dongen Bahasa Sunda Sasatoan - Dongen adalah sebuah kisah yang tidak nyata yang dicertakan oleh orang tua/guru guna memotifasi anak anak supaya menjadi anak yang lebih baik dan cerdas. Untuk guru guru yang berada di propinsi jawa barat pastinya membutuhkan refrensi sebuah Dongeng Bahasa Sunda untuk bahan bercerita kepada siswa/i nya. Dongeng Sunda ini mudah mudahan bisa bermanfaat untuk anda semua khususnya guru guru yang ada di daerah jawa barat.
Update!! Baca juga Kumpulan Dongeng Bahasa Sunda Si Kabayan ada Dongeng Bahasa Sunda Si Kabayang Ngala Roay, Si Kabayan Ngala Tutut, Si Kabayan Ngadeupaan Lincar.
Dan Kumpulan Dongeng Bahasa Sunda Lucu Si Kabayan 2 ada Dongeng Si Kabayan Ngalamun, Si Kabayan Pasea, Si Kabayan Ngala Peucang.
GAGAK HAYANG KAPUJI
Aya gagak maling dengdeng ti pamoean. Geleber hiber bari ngaheumheum dengdeng tea kana tangkal dadap sisi lembur. Kabeneran harita katangeneun ku anjing nu kacida kabitaeunana da puguh kabeukina. Kusabab kitu, ku anjing disampeurkeun. Tapi sanggaus anjing aya dihandapeun, boro-boro ditanya teu direret-reret acan.
Anjing mikir piakaleun supaya dendeng tea kapimilik ku manehna. Sanggeus manggih anjing ngomong, Leuh aya manuk alus-alus teuing. Pamatukna panjang bulu hideung tapi mani lemes kitu. Manuk naon nya ngaranna? Kawasna mah moal aya tandingna dibandingkeun jeung cendrawasih ge moal eleh.”
Mimitina mah omongan anjing teh teu didenge . Tapi sanggeus aya omongan moal eleh ku cendrawasih, gagak atoheun pisan. Manehna kungsi beja yen cendrawasih tehmanuk pang hadena. Tapi ceuk anjing manehna moal eleh”. Kitu nu matak manehna ngarasa ngeunah kupamuji anjing. Malah ceuk pikirna deui asa haying ngabagi dengdeng jeung anjing. Ngan kusabab hese meulahna kahayangna teu kalaksanakeun.
Anjing nempo beungeut gagak marahmay sanggeus dipuji ku manehna. Ceuk pikirna pasti usahana hasil. Ceuk pikirna deui naon hesena muji-muji keur ngahontal kahayangna.Kusabab kitu pok deui anjing,”Lamun daekeun mah haying nyobat jeung manuk nu sakitu lucuna. Ngan rumasa sorangan mah sato hina. Saumur-umur kudu ngadunungan, sare digolodog, rajeun manggih hakaneun oge pasesaan. Tapi najan teu bisa nyobat oge jeung manuk lucu, atuh ngadenge-ngadenge sorana. Meureun moal panasaran teuing!”.
Barang ngadenge pamuji anjing anu sakitu ngeunahna, gagak poho keur ngaheumheum dengdeng, ngan ngong we disada, “Gaak Gaaak” cenah. Atuh barang engab pamatukna barang pluk we dengdeng tehmurag. Anjing gancang nyantok dengdeng nu murag tea tuluy dihakan di nu bala.
Gagak nu hanjakaleun mah teu ditolih. Sababaraha jongjonan gagak teh cindekul we dina dahan bari ngararasakeun teu ngeunahna ku kalakuan anjing. Manehna karek ngarti yen anjing muji bebeakan tehhaying dengdeng nu keur diheumheum ku manehna.
Ti dinya mah geleber gagak tehhiber kana tangkal kai rek neangan hileud keur ganti dengdeng nu disantok ku anjing.
Update!! Baca juga "Kumpulan Dongeng Bahasa Sunda Bagian 2" ada dongeng bahasa sunda sangkuriang, ada dongeng bahasa sunda tangkuban parahu, ada dongeng bahasa sunda situ bagendit, dan ada juga dongeng bahasa sunda si kabayan.
Kuya Nyieun Suling
Sakadang kuya manggih tulang maung ti leuweung. Ceuk pikirna alus lamun
dijieun suling. Ngan kusabab menehna mah teu bisaeun ngaliangan, kapaksa menta
tulung kasakadang bangbara. Sanggeus diliangan tulang maung teh bisa ditiup.
“Tret trot tret trot,
suling aing tulang maung,
diliangan ku bangbara,
torotot heong.”
Ngan ceuk pikir kuya masih keneh kurang alus, kudu ditroktrokan heula. Harita
keneh manehna nepungan sakadang caladi. Kabeneran caladi teh daekeun. Sanggeus
ditroktrokan mah suling teh rada alus.
“Tret trot tret trot,
suling aing tulang maung,
diliangan ku bangbara,
ditroktrokan ku caladi,
torotot heong.”
Sakadang kuya ngarasa can sugema, sabab ceuk rasana suling teh tacan sampurna. Keur nyampurnakeunana kudu dipasieup heula. Ceuk dina pikir kuya nu ahli masieup teu aya deui lian ti sakadang sireupeun. Harita keneh kuya indit nepungan sireupeun. Sanggeus dipasieup suling teh ditiup deui.
“Tret trot tret trot,
suling aing tulang maung,
diliangan ku bangbara,
ditroktrokan ku caladi,
dipasieup ku sireupeun,
torotot heong.”
GAGAK PINTER
Kacaritakeun di urang kungsi halodo banget. Nu dimaksud ku halodo banget tehhalodo pisan.Henteu ari nepi ka teu ay amah. Nu ngarala cai kudu jauh sabab din u deukeut mah geus teu aya. Wahangan saat, talaga ngoletrak, sirah cai ge nu biasana ngagelenggeng ka luarna ukur sagede cinggir. Sumawona ledeng jeung sumur geus teu caian.
Waktu halodo banget nu susah kucai teh lain ngan jelema. Sato hewan jeung tutuwuhan ge saenyana susah. Kacaritakeun dina jaman kitu, aya gagak kacida halabhabeunana hayang nginum . Neangan cai ka wahangan jeung talaga mah teu manggih. Ngan kebeneran atuh dina gentong dina hiji saung nu jauh ka ditu ka dieu bet aya cai. Hanjakal caina saeutik ukur sapertiluna meureun.
Si gagak teheuntreup dina biwir gentong tuluy nyoba-nyoba ngarongkong cai ku pamatukna. Ngan hanjakal teu katepi teu antel-antel acan. Ari rek ancrub sieuneun tilelep. Ku sabab kitu gagak tehbati gereget, kieu teu bisa kitu teu bisa, ari cai sidik aya.
Gagak uleng mikiran cara ngala cai tina gentong. Sanggeus kapikir, susuganan cai tea rek dibaledog ku batu. Upama aya nu ngecret gancang dipacok.
Ku cara kitu sugan bisa ngubaran halahabna. Teori eta ku manehna dipraktekkeun. Hanjakal hasilna kurang nyugemakeun.Ku kitu tea mah newak cai nu ngecret ku pamatukna henteu gampang.
Tapi ku mindeng maledogkeun batu kana gentong, beungeut cai naek. Sihoreng saban batu ngalelep. Nyeredkeun cai ka luhur. Tina pangalaman pamaledog, gagak baki getol ngasupkeun batu kana gentong. Teu dibaledogkeun deui kawas tadi, da najan aya nu ngacret ogehese newakna, diasupkeun biasa we.
Sanggeus manehna bulak-balik ngasupkeun batu aya kana ratusan kali, tetla beungeut cai dina gentong naek ka luhur, sarta bisa dirongkong ku pamatukna. Geus kitu mah gagak tehngaleklek we nginum saseubeuhna.Sato-sato sejen mah usum halodo banget harita ripuh neangan cai. Manehna mah alhamdulillah da boga dina gentong.
WAWALES KA NU TELENGES
Hiji mangsa sakadang puyuh kacida sediheunnana, sabab anakna sadua-dua anu karek gumuling teu aya dina sayangna. Padahal can lila diparaban. Sabot indung jeung bapak puyuh ka luar tina sayang rek neangan hakaneun keur anakna, ari balik anakna geus teu aya. Nu aya tehngan ukur getih ucrat-acret. Puyuh curiga ka beurit, sabab cenah geus lila Si Monyong tehulal-elol kawas nu keur ngintip. Malah puyuh meunang beja ti cangehgar nu tara bohong, cenah enya nangenan beuritka luar tina saying puyuh bari sungutna pinuh ku getih. Cangehgar teu bisa nulungan da si Monyong kaburu kabur.
Bakat ku ngenes harita keneh puyuh jalu jeung bikang indit ka sayang alap-alap. Barang geus panggih derekdek puyuh jalu nyaritakeun kasedih hatena.
Alap-alap nyanggupan mangnaurkeun kasedih puyuh, cenah si monyong rek dijejewet.
Ti harita alap-alap sok nyumput dina tangkal teureup, panonna mah teu weleh gular giler ka handap nempoan sugan beurit tea ka luar tina sayangna. Kungsi sakali mah alap-alap nyamber si monyong. Ngan nu disamber rikat nyumput kana sayangna handapan tunggul. Ti harita nu diincer ku alap-alap tehteu ka luar deui.
Ari beurit sanggeus rumasa boga dosa ngahakan anak puyuh, bari dirina ngarasa diancam ku alap-alap, dina hiji peuting kabur. Ngan di perjalanan nyorang wahangan. Manehna teu biasaeun meuntas. Keur huleng jentul di sisi wahangan naha atuh ari gajlok tehbangkong hejo ka hareupeun nana. Puguh we beurit tehkacida reuwaseunana, disangkana alap-alap ngudag, Ceuk beurit, “Alah sampean mah ngareureuwas!” .
“Naha make reuwas sakadang beurit, kawas boga dosa!” ceuk bangkong. “Rek kamana ieu tehwayah kieu geus aya di dieu?” ceuk bangkong deui.
Ngadenge omongan bangkong kitu teh beurit balaham-belehem asa kasindiran. Tungtungna mah beurit waleh hayang dipangmeuntaskeun, sabab cenah aya perlu ka beulah ditu. Bangkong nyanggupan ngan cenah kudu isuk dimana geus caang, sabab harita mah poek keneh.
Isukna bangkong nalian suku beurit beulah hareup. Tungtung tali nu sabeulahna deui ditalikeun kana sukuna beulah tukang. Geus kitu gajlok bangkong ka wahangan atuh beurit kagugusur. Ti dinya mah soloyong we bangkong ngojay ka tengah wahangan. Puguh we bangkong beurateun biasana ngojay sorangan ari harita kudu meuntaskeun beurit.
Barang nepi ka tengah-tengah wahangan, bangkong tehhayangngaheureuykeun beurit. Ti dinya bangkong teh teuleum ka dasar wahangan. Atuh beurit ka bawa. Beurit gogorowokan embung di bawa teuteuleuman da cenah eungap. Tapi ku bangkong teu didenge, lep teuleun deui. Ku sabab sababaraha kali di bawa teuleum, tungtungna mah beurit nepi ka hanteuna, paeh. Geus kitu mah bangkong seuri bari ambang-ambangan.
Keur kitu teu kanyahoan ti tadina, kalayang alap-alap nu ngincer beurit ti kamari, seot nyamber beurit nu geus jadi bangke, ber dibawa hiber ka awang-awang. Atuh bangkong ge ka bawa, roroesan paureun, da tara biasa ngapung.
Mokaha we poe harita alap-alap meunang kauntungan. Sanggeus meakeun beurit nu sakitu lintuhna, bibilasna ku bangkong hejo.
Kuda Hade Budi
Aya Maung eukeur mah geus kolot katambah gering, ngalungsar handapeun tangkal kai bari gegerungan. Sato-sato nu kungsi menang kanyeri ti manehna ngarumpul ngariung nu keur gegerungan tea. Ceuk Munding, “Ah siah make gegerungan! Rek nyambat ka saha? Moal aya nu nyaaheun ka sia mah! Sato jahat!” Munding ngomongna kitu bari ngagadil nu keur gegerungan. Nempo kalakuan Munding kitu sakur sato nu harita aya di dinya sareuri akey-akeyan.
Kabeh sato nu aya di dinya ngaheureuykeun Maung nu keur sakarat, kajaba sakadang Kuda. Nempo sato-sato sejen galumbira teh manehna mah ukur gogodeg. Ceuk Domba, “Kunaon sakadang Kuda kalah gogodeg kitu? Lain tejeh tah si Belang teh ku sampean! Lain baheula si Belo ditekuk?” Tembal Kuda, “Kaula mah lain teu ngewa kana kalakuan Maung teh. Ngan waktu ieu kaayaanana pan keur gering parna. Manehna teh keur sakarat, sakeudeung deui oge paeh. Kuduna mah sato nur keur sakarat teh ulah dihareureuykeun kitu. Meureun ceuk batur teh, rajeun aya kawani ka anu keur sakarat!” Sanggeus ngadenge omongan Kuda kitu, sakur sato nu aya di dinya jempe sarta patinglaleos ka leuweung deui.Dicutat tina: Bacaan Barudak “Kuda Hade Budi”
Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet Ngala Nangka
Kacaritaheun sakadang monyet jeung sakadang kuya keur sarare disisi hutan deukeut walungan, dina tangkal kiara. Sakadang kuya mah sare dihandap disela-sela akar, ari sakadang monyet mah sare dina dahan anu panghandapna, teu pajauh. maksud teh ngameh bisa bari ngobrol memeh sare, atawa bisa silih geuingkeun bisi aya nanaon. Dug weh duanana sare mani tibra.
Teungah peuting sakadang monyet nyaring, terus ngahudangkeun sakadang kuya. "Sakadang kuya, sakadang kuya.." ceuk sakadang monyet
"naon sakadang kuya" tembal sakadang monyet
"kuring ngimpi manggih tangkal nangka anu buahna geus arasak, dina mimpi teh katingali deuih tempatna dimana" ceuk sakadang monyet
"dimana ?" ceuk sakadang kuya
"diteungah leuweung" ceuk monyet
"keun atuh isuk wang teang, ayeunamah sare deui we da peuting keneh." tembal kuya
ari geus kitu teh dug weh sakadang monyet mah langsung sare, meni dug sek. ari sakadang kuya mah hulang huleng keneh dan hese sare deui.
Keur hulang huleng kitu, sakadang kuya ngadenge sakadang monyet ngalindur, pokna teh "Ah isukan mah kuurang rek dihakan eta nangka teh kusorangan, keun we da sakadang kuya mah teu bisaeun naek tangkal ieuh,, hahaha"
Ngadenge kitu, sakadang kuya ngahuleung, kapikiran caritaan sakadang monyet keur ngalindur. kapikiran, sok sieun bener. sanggeus rada lila mikiran, akhirna manehna meunang akal. trus dug weh sare.
Isuk-isuk sakadang monyet geus hudang tuluy ngageuingkeun sakadang kuya.
"Kuya, kuya, geura hudang buru, wang teang nangka tea" ceuk sakadang monyet
"Kela atuh tunduh keneh.." tembal sakadang kuya
"Eeh buru, kaburu kubatur" ceuk sakadang monyet bari ngoyag ngoyag awakna ngameh hudang
"Nya hayu atuh ari kitu mah" ceuk sakadang kuya bari lulungu keneh
Arindit weh maranehna teh katempat tangkal nangka nu aya dina mimpi sakadang monyet. Ari pek teh bener, tangkal nangka eta teh aya.
ceuk kuya, "Sok atuh monyet gera naek, da urang mah teu bisa naek tangkal.."
"Kela, urang teu bisa ngabedakeun mana nangka nu asak jeung mana nangka nu atah keneh kuya" ceuk monyet memeh naek
Bari seuri dina hate sakadang kuya ngajawab, "Lamun sorana plek plek plek berarti nangka eta geus asak, lamun sorana pluk pluk pluk berarti nangka eta atah keneh.."
"Oh heug atuh" ceuk sakadang monyet bari langsung nerekel naek. bari gagalantungan neangan nangka, dina jero hate na manehna ngomong, "kuurang mah rek dibere nu atah we sakadang kuya mah, keun we lamun protes naha mere nu atah, rek dititah naek tangkal we. hahaha"
terus weh ngalaan nangka si monyet teh, anu sorana plek plek plek mah diteundeun diluhur keur didahar kusorangan, ari nu sorana pluk pluk pluk mah dialung-alungkeun kahandap. padahal mah nu asak mah lain nu sorana plek plek plek, tapi nu sorana pluk pluk pluk anu dialung-alungkeun ka si kuya.
Nya puguh we pas sakadang kuya ngadahar nangka teh lainna amis, malah narapel si geutahna kana awak jeung kana biwir.
"Uya, aha nanga urang mah atah euningan ? ceuk sakadang monyet bari balelol ngomongna da biwirna pinuh ku geutah.
"Apan maneh anu ngalung-ngalungkeun kahandap mah, urang mah ngan saukur narima hungkul." bari keur ngadahar nangka teh, tereh beak.
"Ah manehmah tega ka babaturan teh, maenya urang dibere anu atah" bari cireumbay da teu ngadahar nangka asak.
Akhirnamah sakadang kuya balik bari wareug, ari sadakang monyet mah indit duka kamana da baeud tea.
Baca oge Kumpulan Dongeng Bahasa Sunda anu sanesna:
Dongeng Bahasa Sunda Sakadang Sapi
Dongeng Bahasa Sunda Peucang jeung Buhaya
Dongeng Bahasa Sunda Kelinci jeung Domba Adu
Dongeng Bahasa Sunda Peucang jeung Maung
Dongeng Bahasa Sunda Monyet Hawek
Dongeng Bahasa Sunda Sireum jeung Gajah
Dongeng Bahasa Sunda Kadal
Dongeng Bahasa Sunda Raja Monyet
Gimana Bagus bagus kan Dongeng Bahasa Sunda nya...? Baca juga nih Peribahasa Sunda Kolot
Dongeng Bahasa Sunda Sasatoan, Kumpulan dongeng sunda anak, dongeng sunda. Dongeng adalah suatu cerita yang benar benar tidak terjadi yang sifatnya hanya untuk menghibur. Dongeng biasanya banyak kita dengar sewaktu kita duduk dibangku Sekolah TK, SD dan SMP juga suka masih ada dongeng yang diceritakan oleh guru guru kita. Dongeng sunda ini admin persembahkan untuk kalian pecinta dongeng dan pastinya urang sunda. Simak oge macam macam majas dalam bahasa indonesia.

Title | Kumpulan Dongeng Bahasa Sunda Anak | Sasatoan |
Rating | 5 |
Reviewer | Unknown |
0 Response to "Kumpulan Dongeng Bahasa Sunda Anak | Sasatoan"
Posting Komentar