Kumpulan Dongeng Bahasa Sunda Bagian 2

Kumpulan Dongeng Bahasa Sunda Bagian 2 - Setelah sebelumnya admin berbagi artikel tentang Kumpulan Dongeng Bahasa Sunda Anak Sasatoan kali ini admin akan berbagi tentang Kumpulan dongeng bahasa sunda lengkap.
Ada banyak sekali dongeng bahasa sunda, tapi kebanyakan dongeng bahasa sunda mengangkat tema tentang binatang atau dalam bahasa sunda berarti sasatoan. Seperti dongeng bahasa sunda Sakadang Sapi, Peucang jeung Buhaya, Kelinci jeung Domba Adu, Peucang jeung Maung, Monyet Hawek, Sireum jeung Gajah, Kadal, Raja Monyet, dan lain-lain.
Tapi banyak juga dongen bahasa sunda yang mengangkat tema pahlawan, sosok unik seperti kabayan, dan lain-lain.
Di artikel kali ini, admin akan berbagi kumpulan dongeng bahasa sunda diantaranya Dongeng Bahasa Sunda Tangkuban Parahu jeung Sangkuriang, Dongeng Bahasa Sunda Kabayan Ngala Nangka, Dongeng Bahasa Sunda Situ Bagendit.
Langsung saja, silahkan simak kumpulan dongeng bahasa sunda dibawah ini:

Kumpulan Dongeng Bahasa Sunda Bagian 2

Dongeng Bahasa Sunda Sangkuriang jeung Tangkuban Parahu
Kacaturkeun di hiji leuweung aya bagong putih. Eta bagong teh gawena ngan tatapa bae, geus mangpuluh-puluh taun. Ari anu ditapaan ku manehna, hayang boga anak awewe sarta bangsa manusa.
Dina hiji waktu bagong putih ngarasa hanaang. Manehna indit ka hiji tegalan, deukeut walungan Citarum. Barang datang kadinya, manggih batok balokan, hartina urut anu meulah dawegan. Loba pisan eta batok balokan teh, urut nu moro uncal kadinya. Aya hiji batok balokan urut tuang Kangjeng Prabu. Barang geus marulang, kapanggih ku bagong putih. Lantaran hanaang, leguk bae cai anu ngemplang dina batok teh diinum. Ari geus nginum kawas aya nu nyaliara kana awak bagong putih, kawas nu ngandeg reuneuh bae.
Lila-lila bagong putih teh reuneuh beuki gede. Ari gurbrag orokna jelema sarta awewe geulis. Pohara bae bagong putih teh atoheunana. Anakna diciuman, digalentor bari disusuan.
Eta orok teh tuluy dingaranan Dayang Sumbi.
Nalika geus gede, pok Dayang Sumbi teh nanyakeun bapa, "Ibu, ari bapa kuring teh saha ?
Naha jelema kawas kuring atawa bagong sperti Ibu ?"
"Euh, Nyai anu geulis anak ibu.. Nyai mah henteu boga bapa. Mun enya mah boga bapa, meureun aya didieu." tembal bagong putih.
"Euh, piraku Ibu, sakabeh mahluk ge kapan pada boga bapa, boh manusa boh sato hewan.
Ngan bangsa kakaian anu henteu boga bapa mah."
Lantaran anakna pok deui pok deui nanyakeun saban waktu, ahirna bagong putih teh balaka.
"Bapa hidep mah Kangjeng Prabu, diditu ayana di karaton, " cek bagong putih. Ngadenge kitu Dayang Sumbi pohara reuwaseunana, jeung ujug ujug panasaran, hayang nepungan bapana.
"Lamun kitu mah ayeuna keneh ku kuring rek ditepungan, " cek Dayang Sumbi.
Dayang Sumbi kebat bae indit, ngajugjug ka karajaan. Ku Kangjeng Prabu tuluy diaku anak, diperenahkeun di hiji tempat sarta dititah diajar ninun ka tukang ninun. Teu lila oge Dayang Sumbi geus maher ninun kaen. Ku Kangjeng Prabu tuluy dipangnyieunkeun saung ranggon anu luhur ditengah leuweung. Ari baturna ngan saukur anjing hideung nu ngaran Si Tumang.
Dina hiji waktu nalika Dayang Sumbi keur ninun, taropongna murag ka kolong saung.
Lantaran seunggah kudu turun, pok bae manehna ngomong sorangan.
"Leuh, mun aya nu daek mangnyokotkeun eta taropong, tangtu bakal diaku salaki ku kuring."
Kabeneran pisan dikolongteh aya si Tumang, anu ngadengekeun omongan Dayang Sumbi. Eta taropong teh dicokot ku siTumang sarta tuluy dibikeun ka Dayang Sumbi.
Karuhan bae Dayang Sumbi pohara reuwaseunana, teu nyangka yen anu mangnyokotkeun taropong teh anjing, lain manusa. Mangkaning manehna geus kedal ucap, rek ngaku salaki.
Dayang Sumbi rumasa geus kapalang kedal ucap. Kawas geus kitu katangtuan ti Dewata, manehna tuluy hirup paduduaan jeung Si Tumang. Tepi ka hiji waktu kakandungan. Brol ngajuru, anak lalaki, dingaranan Sangkuriang.
Sangkuriang sok resep ulin lulumpatan kadua Si Tumang, Sakapeung bari mamawa tumbak. Belewer dilempagkeun, cleb nanceb kana tangkala kai. Sangkuriang sorak sorangan, bungah lantaran tumbakna meneran. Si Tumang dihucuhkeun. Sebrut lumpat, ngudag kana tangkal kai, bangun keur ngudag sato boroan.
Sangkuriang beuki maher bae ngalempagkeun tumbakna. Tuluyna mah lain saukur ulin lulumpatan, tapi mimiti diajar ngasruk ka leuweung, neangan sato boroeun. Moro sato naon bae, careuh, peucang, atawa mencek.
"Jung geura moro ka leuweun, Ibu mah hayang dahar jeung ati mencek," cek Dayang Sumbi hiji waktu.
Sangkuriang tuluy indit ka leuweung, dibarengan ku Si Tumang.
Aneh pisan poe eta mah sasatoan teh henteu aya nu katenjo ngaringkang hiji-hiji acan. Padahal ilaharna mah sok katenjo uncal atawa mencek keur rendang nyarautan di tegalan. Poe harita mah kawas ngaleungit ka mana boa. Sangkuriang geus asruk-asrukan ka saban tempat, ka lamping tegalan. Lapur sasatoan teh teu kasampak tapak-tapakna acan. Ari si Tumang bet ngadak ngadak kebluk deuih, henteu daek lulumpatan neangan sato boroeun. Awahing ku jengkel teu beubeunangan, ngan lekek bae Si Tumang teh dipeuncit ku Sangkuriang. Atina dibawa balik sarta dipasrahkeun ka indungna. Dayang Sumbi puguh bae kacida atohna, dagdag-degdeg ngasakan eta ati. Ngan barang Sangkuriang balaka yen eta ati teh ati Si Tumang lain ati mencek, Dayang Sumbi pohara ambekna. Sangkuriang ditoktrok sirahna ku sinduk nepi kan ngucur getihan.
Sangkuriang tuluy pundung, indit ti imahna ngajugjug ka tebeh wetan. Mangtaun taun leuleuweungan tepi ka ahirna bras anjog ka nagara siluman. Di dinya Sangkuriang guguru elmu kasaktean ka siluman nu wujudna oray naga. Sangkuriang ngulik elmu Tumbul Muda. Jalma anu miboga eta elmu bakal bisa meruhkeun sakumna jin jeung siluman. Sanggeus elmuna kataekan, Sangkuriang dijurungan sina indit deui ngalalana.
Dina hiji waktu manehna anjog deui ka nagara siluman. Lantaran geus boga elmu kasaktean, Sangkuriang bisa ngalelehkeun jin jeung siluman nu aya di eta nagara. Eta mahluk bangsa lelembut teh tuluy tunduk ka Sangkuriang.
Demi Dayang Sumbi, sanggeus ditinggalkeun ku anakna, manehna ngarasa kaduhung kabina-bina, Hirupna estu nunggelis. Manehna tuluy indit ka tebeh kulon, rek neangan Sangkuriang. Ngaprak ngalalana tepi ka anjog ka gunung Halimun. Di dinya Dayang Sumbi patepung jeung raja jin anu keur tatapa. Dayang Sumbi tuluy diajar rupa rupa elmu kasaktean. Sanggeus tamat guguruna, manehna dijurungkeun sina indit deui ka tebeh wetan. Di hiji tempat nu katelah Gunung Bohong manehna nganjrek bumetah.
Kocapkeun Sangkuriang terus bae ngalalana. Mileuweungan migunungan tepi ka puluh puluh taunm tepi ka ahirna anjog ka hiji gunung. Manehna patepung jeung awewe nu kacida geulisna. Sangkuriang bogoh sarta ngajak kawin ka eta awewe, anu saenyana eta awewe teh Dayang Sumbi, indungna sorangan. Dayang Sumbi nya kitu deui, bubuhan geus papisah mangpuluh puluh taun, manehna kalinglap. Meh bae daek diajak kawin. Ngan basa Sangkuriang keur disiaran rek diala kutu, dina sirahna katenjo bet aya ceda. Dayang Sumbi ngagebeg, reuwas lain dikieuna. Manehna kakara inget, moal salah ieu lalaki teh anak aing gerentesna, Snagkuriang anu baheula kungsi ditoktrok sirahna ku sinduk.
Sanajan geus ditetelakeun yen manehna teh anak pituin, Sangkuriang teu percaya sarta keukeuh bae ngajak kawin. Mireungeuh anakna kitu, geuwat wae dayang sumbi nyiar akal.
"Heug kami daek dikawin, asal pangnyieunkeun talaga jeung parahuna keur lalayaran urang papanganten. Eta talaga jeung parahu teh kudu anggeus dijieun sapeuting," ceuk Dayang Sumbi. Ku Sangkuriang disanggupan eta pamenta anu kacida banggana teh.
Harita keneh Sangkuriang tuluy ngabendung walungan Citarum. Digawe teu eureun eureun sapeupeuting, dibantuan ku bangsa jin jeung siluman. Nincak janari, talaga teh geus ngemplang. Kari nyieun parahuna. Kabeneran aya tangkal kai gede, gedok dituar. Kai teh tuuy ditilasan regangna sarta dipapas dijieun parahu.
Dayang Sumbi yakin yen pamentana moal katedunan. Pimanaeun teuing nyieun talaga jeung parahu bisa anggeus sapeuting, cek pikirna. Tapi basa katenjo talaga geus ngemplang jeung parahuna geus ngabagus rek anggeus, manehna kacida reuwasna. Dayang Sumbi bingung liwat saking. Kudu kumaha carana, sangkan aing teu tulus kawin, cek pikirna. Ras manehna inget kana boeh rarang. Geuwat bae eta boeh dicokot tuluy dibawa ka mumunggang. Ku manehna dikebut- kebutkeun, tepi ka bijil cahaya bodas kawas balebat dibeulah wetan. Dadak sakala sasatoan leuweung disarada. Manuk recet. Haam raong kongkorongok. da disangkana geus beurang.
Sangkuriang ngagebeg barang nenjo di wetan geus bijil balebat. Manehna nu keur ngageduk nganggeuskeun parahu tuluy ngahuleng awahing ku reuwas. Bijil balebat tandana geus beurang. Mangka parahuna can anggeus, hartina manehna moal tulus papanganten jeung Dayang Sumbi.
Bakating ku handeuheul kabina bina, ngan jedak bae parahuna ditajong satakerna. Bubuhan jalma sakti, parahu teh mengpeng jauh pisan. Gubrag di hiji tempat, parahu teh nangkub. Jleg salin rupa jadi gunung. Eta gunung teh kiwari katelah Gunung Tangkuban parahu. Ari talaga nu ngemplang ku Sangkuriang didupak tepi ka caina saat ngoletrak. Eta urut talaga teh kiwari jadi padataran Bandung anu nampar lega pisan. Tunggul kai urut nuar Sangkuriang tuluy ngajanggelek jadi Gunung Bukit Tunggul, wetaneun Gunung Tangkuban Parahu. Ari regang kai anu ngahunyud sarta geus rangrang teu daunan, tuluy ngajanggelek jadi Gunung Burangrang di beh Kulon.

Dongeng Bahasa Sunda Situ bagendit
Di Wewengkon Banyuresmi Kabupaten Garut, aya situ anu neplak lega ngarana. Situ Bagendit. Pamandangan di Situ Bagendit pohara endahna. Nepi ka ayeuna oge sok loba nu ulin ka Situ Bagendit, ngadon lalayaran jeung balakecrakan.
Ceuk ujaring carita, baheulana mah di eta wewengkon eteu aya situ teu sing. Nu aya teh ngaran pilemburan jeung pasawahan wae. Ari dongengna nepi ka aya situ teh kieu.
Di tengah lembur aya imah anu nenggang ti nu sejen. Nenggang soteh lain hartina anggang tapi nenggang bedana ti nu imah nu aya di sabudeureunana. Di lembur eta teu aya deui nu imahna nu mapakan gedena jeung sigrongna salian ti imah Nyi Endit.
Nyi Endit teh randa pangbeungharna di eta lembur. Imahna oge pas sakitu agrengna, atuh pakayana lain ukur lega sawahna jeung kebonna, emas jeung berlian ge dipetian.
Nyi Endit mah lain wae kasohor ku beungharna tapi oge kasohor ku peditna. Sakitu rajakaya ngaleuya, asup kana paribasa "bru di juru bro di panto ngalayah di tengah imah" tapi tara daek barang bere atawa tutulung ka nu butuh. Hasil tatanen kajeun buruk jadi runtuh batan dibikeun ka tatangga mah.
Padahal di eta lembur teh teu saeutik jalama anu sangsara, loba jalma anu dahar isuk henteu sore. Malah teu saeutik anu maot alatan ku kalaparan. Eta oge sok aya anu lahlahan nepungan Nyi Endit niat menta tulung, tapi lain dibahanan ku pangbutuh kalah diusir bari dicarekan.
Teu saeutik jalma anu nyeri hate nepi ka ceurik balilihan kanyenyerian ku Nyi Endit. Loba rahayat anu carinakdak lantaran teu ngeunah ku paripolah Nyi Endit nu taya pisan boga niat nalang ka nu keur susah.
Cunduk dina hiji waktu, aya aki-aki rudin leumpangna jajarigjeugan kundang iteuk. Ku saliwat nu carinakdak lantaran teu ngeunah ku paripolah Nyi Endit anu taya pisan boga niat nulungan nu keur kalaparan. Nu dijugjug ku aku aku teh imah Nyi Endit.
Barang nepi ka buruan gedong teh aki aki usuk salam, Nyi Endit anu kabeneran keur ngadaweung di tepas imah bari balakecrakan lain ditembalan ke kecap nu someah. Nempo aki aki rudin teh Nyi Endit nyirintil bari ngahoak.
"Rek naon datang kadieu, rek barang penta ? Indit! Kami moal rek mikeunan dahareun." Sakitu aki aki lumengis bari nyebutkeun lapar, Nyi Endit boro boro aya rasa karunya kalah popolotot nitah indit.
Memeh ngaleos eta aki aki teh nyarita keneh ka Nyi Endit. "Mangkade anjeun poho, harta banda teh ukur pihapean. Dunya barana mah ngan ukur titipan. Nu ku anjeun dipikaboga mah iwal ti amal hade, jeung kanyaah ka sasama. Lamun nyaah teuing kana dunya urang bisi cilaka!"
Aki aki ngaleos indit tapi samemehna nancebkeun heula iteukna di tengah pakarangan imah Nyi Endit. Nempo iteuk nanceb ku Nyi Endit gancang dicabut bari dibalangkeun. Bet ku aneh, tina urut iteuk nanceb teh kaluar cai. Mimitina mah cai teh ukur ngaburial lila-lila mah mancer tarik pisan.
Cai tina urut iteuk nanceb teu eureun eureun, Mimiti ngan ukur ngumplang dipakarangan, lila-lila leleban caah. Cai beuki ngagulidang, Nyi Endit geumpeur.
Nempo lembur ka keueum ku cai teh Nyi Endit mah lain nyingkah cara batur tapi kalah ngeukeupan peti nu eusina emas berlian.
Teu kungsi lila ti harita lembur salin rupa jadi situ. Lembur jeung harta Nyi Endit kakeueum di jero situ. Ceunah mah ceuk nu nyaho Nyi Endit jadi lentah nu gede nu reunceum ku perhiasan.
Paingan ceuk aki aki tea dunya jeung harta banda ukur titipan. Geuning Nyi Endit ge kalah cilaka ari loba harta bari teu daek amal hade mah.

Dongeng Bahasa Sunda Si Kabayan Ngala Nangka
Si Kabayan dititah ngala nangka ku mitohana. "Nu kolot ngala nangka teh, Kabayan!" Ceuk mitohana. Kencling Si Kabayan alak-ilik kana tangkal nangka. Manggih nu geus kolot hiji tur gede pisan. Tuluy wae diala. Barang dipanggul kacida beuratna.
"Wah moal kaduga yeuh mawana, "pikir Si Kabayan teh. Tuluy we nangka teh ku Si Kabayan dipalidkeun ka walungan. Jung wae balik tiheula, da geus kolot ieuh!" ceuk Si Kabayan teh nyarita ka nangka.
Barang tepi ka imah, Si Kabayan ditanya ku mitohana.
"Kabayan, meunang ngala nangka teh?"
"Komo we meunang mah, nya gede nya kolot," tembal Si Kabayan.
"Mana atuh ayeuna nangka na?" Mitohana nanya.
"Har, naha can datang kitu? Apan tadi teh dipalidkeun dititah balik tiheula, ceuk Si Kabayan teh.
"Ari maneh, na mana bodo-bodo teuing. Moal enya nangka bisa balik sorangan!" Mitoha Si Kabayan keuheuleun pisan.
"Wah nu bodo mah nangkana, kolot-kolot teu nyaho jalan balik," ceuk Si Kabayan bari ngaleos.

Gimana, bagus-bagus dan lucu kan dongeng bahasa sunda itu ? Kalau kurang silahkan baca dongeng bahasa sunda yang lainnya di "Kumpulan Dongeng Bahasa Sunda Anak Sasatoan."
Sekian artikel kali ini. Semoga bermanfaat.

0 Response to "Kumpulan Dongeng Bahasa Sunda Bagian 2"

Posting Komentar