Kumpulan Dongeng Bahasa Sunda Si Kabayan Bagian 2

Kumpulan Dongeng Bahasa Sunda Lucu Si Kabayan - Ini adalah kumpulan dongeng Si Kabayan bagian 2, sebelumnya admin sudah membuat artikel Kumpulan Dongeng Bahasa Sunda Si Kabayan Bagian 1 yang berisi dongeng Si Kabayan yang berjudul Si Kabayan Ngala Roay, Si Kabayan Ngala Tutut, Si Kabayan Ngadeupaan Lincar.
Dan kali ini, yang akan ArenaBerbagi bagikan adalah kumpulan dongeng bahasa sunda Si Kabayan Ngalamun, dongeng bahasa sunda Si Kabayan Moro Uncal, dongeng bahasa sunda Si Kabayan Pasea.
Si Kabayan merupakan tokoh dalam dongeng bahasa sunda dengan karakter lucu, dan menyebalkan. Entah tokoh Si Kabayan ini hanya ada didalam dongeng atau memang benar-benar ada di dunia nyata. Yang pasti tokoh Si Kabayan ini sangat terkenal bukan hanya di kalangan orang sunda, tetapi juga seluruh Indonesia. Terbukti dengan dijadikannya dongeng Si Kabayan menjadi film layar lebar.
Inilah Kumpulan dongeng Si Kabayan, silahkan disimak.

Kumpulan Dongeng Bahasa Sunda Si Kabayan

Si Kabayan Ngalamun
Mitoha Si Kabayan Keuheuleun pisan, sabab Si Kabayan sok ngalamun wae. Digawe bari ngalamun, dahar bari ngalamun, mandi bari ngalamun, komo dipaciringan mah beuki anteng ngalamuna teh...
Sakali mangsa Si Kabayan manggih endog meri, ngagoler dina jarami di sawah mitohana. Si Kabayan atoheun pisan, gancang endog meri teh dibawa ka imah ditembongkeun ka pamajikanana.
"Sukur, ka dieu urang kulub, keur Si Encid," ceuk pamajikan Kabayan.
"Montong", tembal Si Kabayan, "Anggurmah rek dipegarkeun, dihijikeun jeung hayam bapa, nu ayeuna keur nyileungleum" tembal Si Kabayan. Ti dinya endog teh di teundeun hareupeunana bari ditaksir.
"Kumaha akang wae atuh, ngan ayeuna mihape budak, uing rek ngisikan hela" ceuk pamajikanana bari ngajingjing boboko rek ngisikan di pancuran.
"Endog teh pasti megar, heug bikang, engke pasti ngendog deui. Upamana wae ngendogna sapuluh terus di pegarkeun deui, megar deui jadi boga sabelas meri tah, pek kabeh ngendog deui, mun endogna sapuluhan jadi boga 110 endog, beuki lila meri beuki loba. Endogna oge pasti beuki loba. Aing rek jadi bandar endog, endog di jualan aing jadi loba duit. Duitna dibeulikeun domba bikang. Dombana baranahan tepi ka aing loba domba. Dombana dijual ka pasar, terus dibeulikeun munding sarakit. Munding oge baranahan, aing bakal loba mungding.. adeuh.. huhuy.. munding aing mani loba di sawah...."
Keur kitu, geprak wae endog Si Kabayan teh dibaledog ku pamajikanana tepi ka peupeus, sihoreng endog teh kacingcalang.
"Kabayan, cing atuh kana ngalamun teh mani kamalinaan, tuh tenjo Si Encid mani buncunur sirahna tidagor kana tihang, da diantep wae..."
Si Kabayan kalahka molotot ka pamajikanana.
"Kunaon munding aing di ruksak ku maneh..? Rasakeun ieu paneunggeul.." ceuk Si Kabayan bari ngamang-ngamang sapu.
Pamajikan Si Kabayan sieuneun, tuluy lumpat ka imah kolotna, bari ngais budak. Si Kabayan ngudag bari angger ngamang ngamang sapu.
Mitohana norojol ti imah, tuluy nanya ka Si Kabayan.
"Kunaon maneh teh Kabayan kawas nu teu eling.."
"Bongan munding uing di ruksak ku Si Iteung.."
"Na timana maneh boga munding?"
"Pan tina ngajual ladang entog asal na mah.." tembal Si Kabayan
"Bohong ketang, ngalamun wungkul, barina ge endogna kacingcalang.." Si Iteung nambalang.
"Euh kitu.." ceuk mitohana.. , "paingan atuh kebon aing, mani ledug di ranjah munding, ari maneh boga munding mah, hayoh gantian, mun teu digantian di laporkeun ka pulisi."
"Ampun pa.." ceuk Si Kabayan "Abdi mah teu gaduh bulu-buluna acan munding teh, eta mah ngalamun. Hayu Iteung urang balik.." Si Kabayan ngajak balik pamajikanana. Mitohana gogodeg.
Isukna Si Kabayan dititah ngala kalapa ku mitohana, tina sapuluh kalapa, Si Kabayan bakal di buruhan kalapa sa hulu. Si Kabayan atoheun pisan, terekel wae naek kana tangkal kalapa rek nfala kalapa nu kolot.
Barang nepi ka luhur tuluy diuk sidengdang dina sela-sela dahan kalapa, teng wae ngalamun.
"Buruh ngala kalapa rek dijual, ladangna di beulikeun kana endog hayam, tuluy di pegarkeun, pek di ingu. Hayamna beuki loba, endogna ge rea deuih, endog di jual ka pasar, aing jadi bandar endog. Tina ladang endog aing rek meuli domba, domba oge ngareaan.. aing jadi bandar domba, tina bati domba aing rek meuli munding.. eh ketang moal, moal meuli munding bisi ngaruksak sawah mitoha.. ah rek meuli kuda wae. Kudana kuda balap.. Kuda Ustrali nu jangkung tea, aing jokina..plok..plok kudana dilumpatkeun."
Bari ngalamun kitu teh Si Kabayan reurendeukan dina palupuh kalapa.
"Kuda teh beuki tarik lumpatna..horseh kotoplak..kotoplak.." Si Kabayan beuki motah wae diukna dina palapah kalapa, tepi ka palapah kalapa teh pepelenoyan. Kulantaran motah teuing palapah teh potong, Si Kabayan ngoleang kabawa ku palapah kalapa. Gebrus wae ka balong. Untungna kalapa teh sisi balong, Si Kabayan pipina bared keuna regang awi, sukuna tipalitek, untung teu potong oge.
Ti harita Si Kabayan kapokeun, tara ngalamun dina tangkal kalapa.. duka tah mun di tempat nu sejen mah.

Si Kabayan Moro Uncal
Isuk keneh Si Kabayan jeung mitohana geus harudang, lantaran poe eta rahayat rek moro uncal.
Urang kampung geus sareged, make calana sontog, samping dibeubeurkeun kana cangkeng, bedog panjang nyolegreng. Sawareh marawa tumbak. Anjing rageg geus hayangeun geura ngudag boroan ka leuweung.
Nenjo batur saraged teh Si Kabayan mah teu ieuh kapangaruhan. Manehnamah ngaleleke, make sarung dikongkoyangkeun. Batur batur marawa bedog, manehnamah kalah mawa peso raut.
"Keur naon mawa peso raut Kabayan?" tatanggana nanya.
"Keur nyisit uncal," jawabna.
Nu rek moro laju indit. Tepi ka leuweung, der ngasruk. Anjing rageg ti kulon, ti kaler, ti wetan. Jalma jalma pating corowok. Nu megat ayana di beulah kidul, lebah bubulak.
Ari Si Kabayan misahkeun maneh. Manehnamah nangtung handapeun tangkal jambu batu bari tatanggahan, neangan jambu asak.
Keur tatanggahan, gorowok nu ngagero, "Pegaat..!"
Si Kabayan ngalieuk. Ari torojol teh ti jero rungkun, uncal jaluna. Tandukna ranggah.
Si Kabayan can nyahoeun uncal. Cek pangirana uncal teh sagede anak embe. Nu matak barang nenjo satu nu siga kuda bari tandukan teh, ngan terekel we manehna naek kana tangkal jambu. Teu bisa luhur naekna teh da kagok ku sarung. Manehna nangkod kana dahan panghandapna, sarungna ngoyondon.
Kabeneran uncal teh lumpat ka handapeunana pisan. Si Kabayan peureum, sieuneun kaparud ku tanduk uncal nu sakitu ranggahna.
Si Kabayan teu kira-kira reuwaseunana barang karasa aya nu ngabedol ti handap. Ari ditenjo horeng tanduk uncal teh meulit kana sarungna. Uncal ngarengkong, tuluy babadug hayang ngalesotkeun tandukna. Kadenge ambekanan hos hosan. Si Kabayan beuki pageuh muntangna, uncal beuki rosa ngamukna, tapi tandukna kalah beuki pageuh kabeulit ku sarung. Si Kabayan beuki geumpeur, sepa taya getihan.
"Tuluung.. Tuluuuung..., ieu aing ditubruk uncal...!" Si Kabayan gegeroan menta tulung.
Teu lila burudul nu moro  nyalampeurkeun. Nenjo uncal abrug-abrugan teh, teu antarapah deui belewer we ditumbak. Uncal ngajengjehe. Jekok-jekok pada ngadekan tepi ka rubuhna. Uncal ngajoprak. Si Kabayan ge ngalungsar gigireunana bari renghap ranjug.
Nu ngariung uncal helokeun.
"Kumaha ditewakna uncal sakieu badagna, Kabayan?"
Si Kabayan nangtung lalaunan bari cungar-cengir, "Ah gampang. Uncal mengpengan ka handapeun tangkal jambu, ku kuring dipegat. Barang geus deukeut, dirungkup weh tandukna ku sarung. Tuh gening sarungna oge tepi ka rangsak saroeh. Geus karungkup mah teu hese, kari marieuskeun we tandukna."
Sarerea gogodeg. Ari Si Kabayan padamuji teh nyerengeh we bari ngusapan tuurna nu barared.
Uncal pada ngarecah. Si Kabayan ngajingjing pingping uncal bari heheotan.

Si Kabayan Pasea
Si Kabayan mah ari nyarita sok sahinasna, tara dijieun jieun. Tapi ku lantaran jujur teuing, ku tatanggana sok disebut jelema bodo. Pedah ari ngomong sok satarabasna.
Padahal mun dilenyepan mah, omongna Si Kabayan teh bener, malah tampolana mah sok bener teuing. Geura model kieu omong- omongan Si Kabayan mah, mun diajak nyarita ku batur teh:
Si Kabayan keur ngasah bedog sisi balong, lar tatanggana ngaliwat. Tuluy ditanya, "keur ngasah bedog Kabayan? jawabna teh. "Naha atuh ari nyaho mah make nanyakeun?"
Papanggih jeung baturna nu geus lila ngumbara ka jauhna. Baturna nanya, "Cageur Kabayan?" Jawabna, "Naha da kuring mah henteu gering!"
Si Kabayan ngajingjing ganas, ditanya ku tatanggana, "Ti mana ngala ganas, Kabayan?" Jawabna, "Tina tnagkalna, rek dibawa kahareup," jawab Si Kabayan, Ngomong kitu teh daria naker, teu euleum euleum.
Si Kabayan pasea jeung pamajikanana. Pamajikanana ceurik. Kadengeun ku tatanggana, tuluy nanya, "Ku naon Nyi Iteung ceurik, Kabayan?" Jawabna, "Ku biwirna." Di jawab kitu tatanggana teu ambek, kalah ngomong deui, "Ari sugan ku irungna."
"Nya eta pinuh ku leho," omong Si Kabayan.
"Tadi kadenge aduh aduhan sagala. Ku maneh diteunggeulan?" tatanggana nanya deui.
"Henteu. Kuring keur nyekel sapu. Pamajikan nyampeurkeun. Ah, disapukeun we!" ceuk Si Kabayan.
"Teu kadenge ceurik ayeunamah," ceuk tatanggana.
"Capeeun," tembal Si Kabayan.
Lila lila mah tatanggana keuheuleun, asa diheureuykeun.
"Sugan gelo maneh mah Kabayan! Ditanya sabener-bener. ngajawab sakainget!"
"Naha atuh ari nyaho kuring gelo mah, barang tanya bae?"
Pamajikanana nunghol tina panto. Panonna rambisak. Omongna, "Salaki kuring mah satengah buah leunca. Dititah ngala keusik jeung batu ka walungan, jualeun ka dayeuh, kalah ngambek."
Si Kabayan nembal, "Atuda sieun, ngala keusik jeung batu mah da lain pelak sorangan. Mun dititah ngala nangka, ngala lauk di balong, daek. Sabab pelak kuring sorangan. Ari ngala keusik jeung batu mah, engke heula. Sieun ku nu bogana. Manasina walungan teh anu mitoha."
Ceuk tatanggana, "Hih, Kabayan, walungan mah euweuh nu boga."
Tembal Si Kabayan, "Moal enya barang euweuh nu boga. Geuning kuring nuar kai ti leuweung, ditangkep ku kokolot. Cenah leuweung teh boga nagara. Walungan katut eusina oge pasti aya nu boga. Ngan teuing saha nu bogana. Pokona lain nu kuring, lain  nu pamajikan, lain nu mitoha.:
Ngadenge kitu, tatanggana teu ngajak nyarita deui, tuluy weh ngaleos.

Baca Juga:


Itulah dongeng Si Kabayan, lucu bukan ? saur bahasa sunda na mah pikaseurieun...

0 Response to "Kumpulan Dongeng Bahasa Sunda Si Kabayan Bagian 2"

Posting Komentar