Kumpulan Dongeng Bahasa Sunda Si Kabayan Bagian 1

Kumpulan Dongeng Bahasa Sunda Si Kabayan - Si Kabayan adalah tokoh yang ada dalam dongeng sunda. Dia memiliki karakter yang lucu, pinter dan ngeselin atau dalam bahasa sunda nya disebut "pikasebelen". Saking terkenalnya, bahkan cerita Si Kabayan ini diangkat ke dalam film, tidak hanya satu, tapi banyak dengan judul dan cerita yang berbeda-beda. Dan tentunya setiap cerita Si Kabayan ini sangat lucu, dan tidak sedikit mengandung pelajaran yang bisa kita ambil.
Kali ini admin akan berbagi Kumpulan Dongeng Bahasa Sunda Si Kabayan yang admin bagi kepada beberapa bagian, untuk membaca cerita Si Kabayan yang lainnya silahkan buka "Kumpulan Dongeng Bahasa Sunda Si Kabayan Bagian 2".
Cerita yang akan ArenaBerbagi bagikan kali ini adalah Dongeng Bahasa Sunda Si Kabayan Ngala Roay, Dongeng Bahasa Sunda Si Kabayan Ngala Tutut, dan Dongeng Bahasa Sunda Si Kabayan Ngadeupaan Lincar. Berikut cerita lengkapnya:

Kumpulan Dongeng Bahasa Sunda Si Kabayan Bagian 1

Dongeng Bahasa Sunda Si Kabayan Ngala Roay
Dina hiji peuting Si Kabayan diajak ngala roay ku mitohana. Isukna, isuk-isuk bral ka haruma, rada jauh ti lemburna. Di jalan taya nu ngomong sakemek-kemek acan, sumawonna Si Kabayan da puguh tunduheun keneh. Tuman hees nepi ka beurang, ari ieu isuk keneh geus digugubrag dititah hudang.
"Teu kaharti ku mitoha," ceuk dina pikirna, kakitu geus kolot na aya kededemes-kadedemes teuing kana dunya teh. Na keur naon dunya ari lain keur nyenangkeun awak? Ari ieu kalah jadi hukuman. Keun sia geura engke..."
Barang nepi ka huma pek ngala roay. Mitohana pohara getolna. Ari Si Kabayan mah meueus-meueus randeg, meueus-meueus janteng, teu kaur beubeunangan balas ngahuleng jeung ngarahuh bawaning sangeuk digawe. Siga-siganamah rada mumuleun Si Kabayan teh.
Luak-lieuk, beh kareret karung wadah roay. Jol aya ingetan pikasenangeun. Gelenyu Si Kabayan imut.
"Mitoha! Mitoha!"
"Heuy!"
"Kula rek ka cai heula ieu mules beuteung. Bisi rada lila, dagoan nya! Ati-ati mun mitoha ninggalkeun!"
"Heug! Ulah lila teuing bae."
"Kumaha engke we, da kasakit mah ari datang kawas kilat, ari undur kundang iteuk."
Bari ngomong teh mitohana tonggoy bae ngalaan roay teu luak-lieuk. Si Kabayan sup asup kana karung wadah roay. Awakna dipurungkutkeun bari ngareumpeukkan maneh ku roay nepi ka teu katembong.
Datang bro mitohana ngabrukkeun roay kana karung, dideuleu karung geus metung, ret ku manehna dicakupkeun dipocong ditalian, dijungjung-jungjung. "Duh beurat naker," omongna. Geus kitu gek diuk ngadagoan Si Kabayan.
Si Kabayan didagoan teh ambleng bae, sedeng poe geus reup-reupan. "Naha Si Kabayan bet ambleung bae?" ceuk mitohana ngomong sorangan. "Moal salah meureun terus balik da gering. Eta mah Si Kabayan, naha aya mangkeluk. Benerna mah bebeja heula ka kolot, rek balik teh. Ieu mah leos bae. Aya jelema."
Rigidig karung roay dipanggul. Edas beurat naker," omongna. "didedet teuing, ieu mani teuas kieu. Bari dirampa-rampa karungna.
Barang datang ka imah, sok diteundeun di dapur dina raranjangan. Tuluy dibuka beungkeutan karung teh ku mitoha awewe, bari ngomong, "Euleuh cukul pelak roay uang teh nya, mani sakieu lobana."
"Hih, tacan kaala kabeh eta ge, da kaburu pinuh, karungna leutik teuing," jawab mitoha lalaki, "Kakara ge saparona meureun, Bari etaeun, manehna, teu ngadenge Si Kabayan, kumaha geringna ?"
"Baruk gering? teu nyaho kaula mah. Panyana jeung andika ka huma."
"Puguh bae tadi isuk, tapi ti dituna balik tiheula, nyeri beuteung."
"Aeh-aeh, kutan! Cik manehna ieu bantuan ngudulkeun roay, beut beurat naker."
Ana bro teh diudulkeun ku duaan, burulu roay bijil sabagian da sereg dina liang karung. Ku sabab mereketengteng karungna dihantem digeujleug-geujleug, na.. ana borengkal teh Si Kabayan ragrag kanna raranjangan morongkol. Mitoha awewe ngajerit bawaning ku reuwas. Mitoha lalaki ngejat mundur ka tukang awahing kaget.
Si Kabayan, "He he he he, da cape!" Bari balaham-belehem.
"Si bedul teh geuning Si Kabayan," ceuk mitoha awewe.
"Da cape, mitoha! Jeung ieuh, ku ngeunag dipunggu ku mitoha teh."
"Aya adat-adatan, na sia kitu peta ka kolot teh!" ceuk mitoha awewe. Ari mitoha lalaki mah leos bae ka imah. Hatena ngunek-ngunek ambek, hayang males.
"Isuk mah anggeuskeun ngala roay teh jeung Bapa, Kabayan! Sing bener ulah goreng polah kitu ka kolot pamali deuleu matak doraka," ceuk mitoha awewe.
"Heug, moal mitoha."
Isukna bral Si Kabayan jeung mitoha lalaki ka huma deui. Datang-datang retop metikan roay, garetol naker. Mitohana ret deui ret deui ngareret ku juru panon ka Si Kabayan. Si Kabayan tonggoy bae ngalaan roay. Sigana mah inget kana papatah mitoha awewe, estuning junun ayeuna mah kana gawena teh.
Nempo Si Kabayan jongjon digawe, kuliwed les bae mitohana teh. Si Kabayan mah terus bae ngalaan roay nepi ka karungna tea pinuh pisan. Ret dipangrodkeun liang karung teh. Reketek ditalian.
"Na kamana mitoha bet euweuh? Moal salah ninggalkeun meureun, keuheuleun keneh urut kamari. Kajeun ah! Aing ge rek balik. Rek digusur bae ieu karung teh, da teu kabawa dipanggul mah," bari ngomong kitu, bluk karung teh digulingkeun. Durugdug digusur.
"Kabayan! Kabayan!" Ceuk sorajero karung. "Ieu aing, mitoha sia ulah digusur!"
Reg Si Kabayan eureun, "Ah puguh roay, roay!" Bari gaplok dipeupeuh karung teh. Durugdug digusur deui.
"Kabayan! Bapa deuleu ieu, lain roay!"
"Roay! Roay! Bari terus digusur.
Barang datang ka dapur, gebrug ditinggalkeun kana raranjangan, "Ek!" Sora jelema nu titeundeut.
"Tah mitoha awewe, roay sakarung!" Bari leos manehnamah indit ka cai.
Barang diudulkeun eusina, gurubug salakina ragrag bari gegerungan. Awakna daronglak raraheut urut digugusur anu sakitu jauhna. Pamajikanan teu kira-kira kageteunana tuluy diubaran ku cilebu. Meunang dua poe mitoha lalaki teu bisa hudang-hudang acan.

Dongeng Bahasa Sunda Si Kabayan Ngadeupaan Lincar
Si Kabayan jalma miskin taya kaboga. Di sakampung eta mah pangmalaratna bae meureun. Imahna teu beda ti saung butut. Ari pagaweanana, kitu we buburuh ngored.
Beda deui jeung tatangga Si Kabayan, bandar munding anu kacida beungharna. Sawahna lega, kebonna puluhan hektar, imahna ge nya gede agreng.
Sakali mangsa tatangga Si Kabayan teh hajat gede, ngawinkeun anakna. Ondangna kacida lobana, boh ti nu jauh boh ti nu deukeut. Carek wiwilanganana salembur eta mah diondang kabeh, iwal ti Si Kabayan.
Si Kabayan jeung pamajikanana teu kira kira we nalangsaeunana. Tuluy wae Si Kabayan teh ngalaan baju, kencling indit ka pipir imah nu boga hajat, pek ngadeupaan lincar.
"Sadeupa, dua deupa, tilu deupa...," cenah.
Semah kacida kageteunana, nenjo kalakuan Si Kabayan kitu teh. Sarerea ngariung nenjokeun Si Kabayan ngedeupaan imah nu boga hajat.
Pribumi oge norojol barang ngadenge ribut-ribut diluar teh, gancang kaluar. Ari ret ka Si Kabayan, manehna ngajenghok, tuluy nanya ka Si Kabayan.
"Kunaon Kabayan, maneh teh ngadeupaan lincar? Bet eta jeung teu dibaju kitu, kawas budak wae."
Tembal Si Kabayan, "Wah, mun kolot ge diondang."
Nu boga hajat pohara eraeunana, rumasa ngabeda-beda jelema. Gancang wae nyarita.
"Kapan ti kamari ge diondang. Manehna mah sok pohoan. Gancang balik, dibaju hela, engke kadieu, sakalian bawa pamajikan," kitu ceuk nu boga hajat teh.
Si Kabayan kacida atoheunana.

Dongeng Bahasa Sunda Si Kabayan Ngala Tutut
Cek Ninina, "Kabayan ulah hees beurang teuing, eeuweuh pisan gawe sia mah, ngala-ngala tutut atuh da ari nyatu mah kudu jeung lauk."
Cek Si Kabayan, "Kamana ngalana?"
Cek ninina, "Kaditu ka sawah ranca, nu loba mah sok disawah nu meunang ngagaru geura.
Leos Si Kabayan leumpang ka sawah nu meunang ngagaru. Di dinya katembong tututna loba, lantaran caina herang, jadi katembong kabeh. Tututna pating goletak. Tapi barang diteges teges ku Si Kabayan katembong kalangkang langit dina cai. Manehna ngarasa lewang neuleu sawah sakitu jerona. Padahal mah teu aya sajeungkal-jeungkal acan, siga jero soteh kalangkang langit. Cek Si Kabayan dina jero pikirna, "Ambu-ambu, ieu sawah jero kabina-bina caina. Kumaha dialana eta tutut teh? Lamun nepi ka teu beunang, aing era teuing ku Nini. Tapi eta tutut teh sok dialaan ku jalma. Ah, dek dileugeutan bae ku aing."
Geus kitu mah Si Kabayan leos ngala leugeut. Barang geus meunang, dibeulitkeun kana nyere, dijejeran ku awi panjang, sabab pikirna dek ti kajauhan bae ngala tututna moal deukeut-deukeut sieun tikecebur, Si Kabayan ngadekul, ngaleugeutan tutut meh sapoe jeput, tapi teu aya beubeunanganana, ngan ukur hiji dua bae. Kitu oge lain beunang ku leugeut, beunang soteh lantaran ku kabeneran bae. Tutut keur calangap, talapokna katapelan ku leugeut tuluy nyakop jadi beunang. Lamun teu kitu mah luput moal beubeunangan pisan, sabab ari dina jero cai mah eta leugeut teh teu daekeun napel, komo deui tutut mah da aya leuleueuran. Di imah ku ninina didagoan, geus ngala salam, sereh jeung koneng keur ngasakan tutut. Lantaran ambleng bae, tuluy disusul ku ninina ka sawah. Kasampak Si Kabayan keur ngaleugeutan tutut.
Cek ninina, "Na Kabayan , ngala tutut dileugeutan?"
Cek Si Kabayan, "Kumaha da sieun tikecebur, deuleu tuh sakitu jerona nepi ka katembong langit."
Ninina keuheuleun. Si Kabayan disuntrungkeun brus ancrub ka sawah. Cek Si Kabayan, "Heheh ei da deet."

Baca Juga:


Gimana, lucu kan dongeng kabayan itu ? Sekian berbagi kali ini tentang Kumpulan Dongeng Bahasa Sunda Si Kabayan. Semoga bermanfaat.

0 Response to "Kumpulan Dongeng Bahasa Sunda Si Kabayan Bagian 1"

Posting Komentar